Carpon Pendidikan


KUMAHA NU BOGA LAKON
(Annisa Rizkyta)

   Angin ngahaliwir nusuk rusuk nu teu kawasa hudang ti kasur. Bilik nu baseuh ku cai basa peuting katingali bolong matak angin asup. Kadenge sora Bapa keur wiridan, kuring aneh naha teu ngahudangkeun. Singhoreng apal kamari kuring loba kagiatan di sakola. Ningali jam geus nunjukkeun jam lima leuwih, kuring reuwas bras ka cai, wudu langsung sholat shubuh.
"Nis, geus sholat gera nyangu nya!" ceuk Bapa.
"Muhun, Pak. Laksanakeun!" kuring nembalan.
   Kuring dipanggil 'Nis' sabab ngaran kuring Anis. Kuring kelas tilu SMA di Garut. Hirup ngan ukur duaan jeung Bapa, sabab Indung geus maot. Kuring boga lanceuk lalaki, tapi manehna masantren di Bandung da meunang beasiswa, sarua ayeuna teh kelas tilu. Jadi engke lulus babarengan.
   Kuring lain ti kulawarga anu serba aya, tapi dina kasederhanaan aya nikmat Gusti anu kacida gedena. Kuring hirup jeung Bapa, nyarita ka Bapa, dahar jeung Bapa, nepikeun ngaguyon jeung Bapa. Henteu kabeh jalma bisa meunangkeun ieu kabahagiaan. Nuhun Gusti, mugi Mamah ge meunang kabahagiaan di akherat.
  Geus beres sholat, kuring langsung nyangu. Pas ditingali dina wadah beas, ngan ukur nyesa saleter, mahilah keur poe ieu mah da ngan dipake dahar ku duaan. Kuring nyangu dina hawu sabab gasna beak, can kabeuli deui. Lebah sangu geus asak, kuring buru-buru mandi da sieun kabeurangan. Pas di cai, kadenge treng-trengan cukil jeung katel, pasti ieumah Bapa keur masak deungeunna.
   Alhamdulillah kuring tiasa sakola di sakola negeri, kabantu ku prestasi, matak biayana teu ngabeuratkeun. Aya oge sababaraha guru anu kadang mangmayarkeun SPP pas maranehna boga rezeki leuwih. Nya kuring atoh, bisa ngahampangan Bapa nu saukur kuli panggul di pasar.
   Karasa pisan kelas tilu teh pang capena. Keur mah nyiapkeun otak keur ujian, deuih nyiapkeun duit keur bayaran itu ieu. Kuring teu kawasa ngomong ka Bapa, matak kuring diajar sing rajin meh bisa meunang bidikmisi. Mun kitu mah kuring kuliah, Bapa teu kudu mikiran.
   Dua bulan dek UN, kuring beuki sibuk nyiapkeun diri, diajar. Nu biasana unggal poe mencetan Bapa, ayeuna mah jadi jarang. Gusti, karunya ka Bapa. Manehna bageur kacida, mugia panjang umur, sehat nepi ka jaga.
   Poe ieu Bapa alabatan rajinna. Pas kuring hudang sare, Bapa geus nyangu, kukumbah, masak jeung sholat. Manehna ngomong, "Nis, sok tong mikiran nu lian. Diajar sing bener, yakin Bapa mah, bidikmisi katepi, kahayang kahontal, engke Anis jadi jelema sukses." Ku kuring diaminkeun, tapi kuring ngarasa aya nu beda jeung Bapa, eta omongan teh ngageleser kana hate.
   Nya kuring indit sakola siga biasa, Bapa indit digawe. Di sakola kapikiran wae omongan Bapa, asa aya nu beda. Pas jam hijian datang Mang Dudi, sarua kuli siga Bapa di pasar, gudag-gidig nyamperkeun kuring di sakola. Bari hahehoh manehnya ngabejaan, "Anis, Bapa Anis maot katabrak truk beas hareupeun pasar basa tadi manehna dek sholat lohor."
   DEG! Jantung teh eureun. Kacida reuwasna kuring langsung lumpat ka rumah sakit tuluy mere nyaho lanceuk. Ningali Bapa ayeuna dibajuan kafan, bodas, tur bersih. Teu lamokpot kesang jeung tarigu siga biasana. Gusti, Bapa ayeuna geus moal cape deui. Bapa rek istirahat, tapi kuring hese ngalepaskeun manehna. Gusti, mugia Bapa asup surga. Mugia kuring jeung lanceuk kuring menangkeun kasabaran.
   Bapa dikubur di gigireun kuburan Mamah. Bau taneuh beureum jeung seungit kembang nyampur. Kuring jeung lanceuk jadi pahatu lalis. Kudu bisa ngahirupan diri sorangan. Saeunggeus Bapa maot, kuring cicing sorangan di imah. Lanceuk balik ka Bandung, sabab kagok dek ujian.
   Mangsana UN datang, kuring marjuangkeun kasuksesan jaga. Alhamdulillah, Gusti marengan, kuring teu pati hese ngerjakeun soal-soal UN. Sanggeus ti eta, kuring meunang bidikmisi di UNPAD. Nyusul lanceuk oge ka Bandung, sarua di UNPAD ngan beda fakultas. Biaya kuliah gratis, asrama gratis, deuih dibere duit bulanan, kitu oge lanceuk.
   Ya Allah, nuhun. Alhamdulillahirobbil 'alamin. Nikmat Gusti ku kuring ditampi. Mugia Bapa jeung Mamah lega ningali budakna teu katalangsara. Kuring masrahkeun, kumaha nu boga lakon.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Maaf, Jika Tanganku Tak Sehalus Mereka (by ARH)

ACCEPTABLE LIES OR BITTER TRUTH? (Bahasa Version)

MENGAPA RATU ELIZABETH II BISA BERTAHTA DI AMERIKA? (Annisa Rizkyta)