Biantara Bahasa Sunda

Assalamu'alaikum wr.wb
Nu dipikahormat Ibu Guru basa Sunda SMAN 2 GARUT, teu hilap rerencangan sadayana nu ku simkuring dipikadeudeuh. Langkung tipayun hayu urang sasarengan manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti nu Maha Suci, nu kacida gede rahmat jeung inayahna pikeun urang sarerea. Teu kaliwat oge urang kucurkeun sholawat sinareng salam ka jungjunan alam, Nabi Muhammad Saw, mugi syafaatna nepi ka urang di yaumil akhir. Aamiin.
Sateuacanna simkuring ngahaturkeun nuhun ka sadayana anu parantos hadir di ieu tempat. Anu dina kasempetan ieu simkuring bade ngaguar perkawis "Ngamumule Basa Indung".
Hadirin sadayana..
Jaman kiwari, basa indung geus mulai teu dibangga ku nu mibogana. Rumaja ayeuna leuwih ngarasa hade ngagunakeun basa Indonesia jeung basa Inggris. Maranehna ngarasa yen upama urang ngomong basa Sunda teh malah disebut tinggaleun. Padahal mah basa Sunda teh kaabus budaya nu kudu dimumule sangkan teras aya nepi ka iraha oge. Da bangsa nu hade teh nyaeta bangsa nu bisa ngamumule budayana.
Mun urang ninggalkeun basa sunda, eta hartina urang rek ngaleungitkeun salah sahiji ka-khas-an adat Sunda. Tangtu urang teu hayang jadi bangsa nu teu boga budaya. Mangka tanggung jawab ngamumule basa indung teh aya di diri sakabeh jalma ku cara teu era ngagunakeun basa Sunda jeung daek neruskeun basa Sunda ka anak incu urang jaga.
Rupina cekap sakitu wae nu ku simkuring dipihatur. Saninten buah saninten, saninten di parapatan. Hapunten abdi hapunten, bilih aya kalepatan. Wassalamu'alaikum wr.wb

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Maaf, Jika Tanganku Tak Sehalus Mereka (by ARH)

ACCEPTABLE LIES OR BITTER TRUTH? (Bahasa Version)

MENGAPA RATU ELIZABETH II BISA BERTAHTA DI AMERIKA? (Annisa Rizkyta)